12 November 2009
11 Oktober 2009
HALAL BIHALAL
Baraya sadaya, upami Alloh marengkeun Insya Alloh ping 18 Oktober 2009 baris di laksanakeun acara halal bihalal sakantenan tepung lawung paguyuban di bumi Kang Unang Air Bakoman kacamaan Pulau Panggung Tanggamus .....
9 September 2009
BEWARA
Aya sababaraha hal anu peryogi ka uninga ku saderek sadaya kieu geura:
- Di uningakeun ka wargi-wargi breaker wireh kiwari frekuensi urang teh ngalih ka frekuensi 215. Kumargi kitu anu masih keneh di 536 mangga gabung ka 215.Okeh.....Nanging ieu frekuesi teh masih keneh dina masa percobaan, duka kapayun na mah.
- Tepung lawung PPF.251 insa Alloh bade di ayakeun di bumina kang Unang nu linggih di Air bakoman Kacamatan Pulau Panggung Tanggamus.Perkawis waktosna mah kinten-kinten ba'da boboran Siam rupinamah, mung kacindekan waktos na teu acan tangtos.
19 Maret 2009
PROFIL ANGGOTA PPF.536
1.Pa' Gunawan (pupuhu)


ieu potret pa Gun nuju di istrenan jatuk rami. Heuheuy.... KABITA.....gentos...

Punten..ah...kanu rada kirang kasep (urang cimarias) ulah sirik, dumeh ninggal ieu potret pa Gun mangsa kiwari...
Tah kumaha yeuh... aktipitas atanapi padamelan anjeunna (pa'Gun ) sadidinten teh ??? mangga antos bae pedalan blog nu bade dongkap... omat yeuh !!Baris medal potret-potret sadaya inohong Pasundan536. Malihmah Saur Bah Osa (wakil Pupuhu), anjeun na mah hoyong dipotret teh sareng "SI HOKCAY"cenah !!! tah ...saha si hokcay teh ??? magga antoss RODeurrrr
LALEUR BODAS
Haturan.. Nepangkeun pribados wasta Amid Harsana Sudiman.Linggih di Poncowati Lampung Tengah, pribados teh asli Kisunda ti Desa Jati Kacamatan Batujajar Kabupaten Bandung Barat (KBB), sadidinten nyo'o pun incu sareng nini na he..he..he.. Ari anu matak tibelat pribados mah ukur kana beuleum Peda beurem sareng Lelebu Wijen. Saur pun buyut Aki Madasan, pribados teh ngarereh ka Eyang Salbi (Panenjoan KBB). Nyukcruk galur ti karuhun temahna kana wewengkon sarakan pribados anu ngered ka daerah Rajamandala - wates Bandung Cianjur-, pribados rupinamah kareh kabanasapon ka rahayat Dalem Cikundul -Cianjur yaeta rahayatna Pangersa Raden Aria Wangsa Wiratanudatar - raja Karajaan Gagang/Cianjur. di PPF536 pribados janten Penasehat 1.ABAH DIRUT
Punten nepangkeun pribados wasta Didi Sutisna. Ari kawitmah abdi teh ti Tanjung siang Kab.Subang. Cobek belut sareng pais peujit pangresep na teh. Sadidinten nunguan eta we anu bade aya kaperyogian sanes kanten balanjaan (sembako). dupi padumukan teh di Labuan dalam Tanjung senang Bandar Lampung. Pami nyukruk galur ti karuhun pribados rerehan Sumedang Larang. Mangga we tinggal ieu pameunteun (face), pas pisan sigana mun di sajajarkeu jeung tereuh Sumedang Larang ( Bibit buit) Tajimalela. Dina rengrengan pangurus PPF 536 pribados janten Penasehat 2.KANG ASEP CEKLY TARAKASIMA

Sampurasunnnnn................. Nepangkeun abdi yeuh nami asli Gunawan Sejati. Abdimah asli diheujeunkeun ku punbiang teh di desa Cipeundeuy kacamatan Kalijati Kab.Subang.Ti aalit sok di Asep-Asep, pedah kasep meureun( da..jeung saenyana atuh ). Ari bibit buit ti pun bapamah asli ti desa Jati kacamatan Batujajar KBB. Kasedep teu teu aya deui iwalti pais lele sareng pais impun, komo kana pais bibit mah, kitu kitu kana pais supa su'ung atawa supa lember weh abdi teh resep pisan, komo barijeung disurawungan mah ...aduhhhh amuing-amuing.....tobat!!!! Saur pun biang pribados teh rerehan Bapak Minterja (mensos Orla), da pun biangmah asli karuhunna ti Baros - Cimahi. Sadidinten abdi mah pepelakan sayuran, sareng ngadamelan sanes kanten tulisan (skrip/skenario) kangge engke pami diparengkeun gaduh modal, abdi teh hoyong ngadamel sinetron atanapi Film anu judul na "Sikabayan saba dunya". Pribados linggih di Poncowati Lampung Tengah, di PPF 536 pribados dipercantten jantun wakil juru tulis (ulis).
KANG DODO

Punten ah baraya.......Abdi wasta Hidayat Zarkasih... abdimah asli ti Sukabumi. Upami aya Kanjut embe atanapi Kanjut domba, omat ulah dikasasahakeun !!! keun, etamah bagian Abdi. Da eta atuh kabeuki teh abdi mah mung kana Kanjut Domba. Saur Pupuhu paguyuban (Kang Gunawan) ceunah eta teh obat kuat. Naha enya ?!! Tapi kuring percaya 1000 % sabab salila ngukut Embe, Bah Osa asa beuki maceuh ......Padumukan di Perum Korpri Bandar lampung pribados teh, atuh di Kalianda (Lamsel) abdi gaduh wawarungan (ceuk baturmah Supermarket- cenah). Di PPF 536 pribados dipercanten janten Juru Bayar alias bendahara.
USUV VANHOTTEN
Punten yeuh dulurr...Abdi mah Kisunda asli, Van hotten soteh eta mah nami di jumantara ngarah beda tinu lian he..he...he. Upami nami aslinamah Supardi Yapan. Karesep teh kulub tutut gening. Linggih di Natar Kab.Pesawaran.
KANG CANDRA
Punten Barayaaaa.....nepangkeun yeuh Abdi Ujang Aleks, Linggih di Cimarias Kacamatan Bangun Rejo Kab.Lampung Tengah. Upami tuang nu di inceur teh sangu pulen. Keun wae rencangna ngan ukur goreng uyah oge, asal dipurulukan ku endog atawa siksik ati. Upami sayur, ceuk kuring mah eweh deui nu pang peedna iwalti sayur iwung ( orok awi). Pakasaban kuring sadidinten nutu di heleran. ari karuhun mah cenah ceuk ema kuring teh ti cianjur. di PPF 536 kuring janten kordinator Lampung Tengah.
KANG UNANG

Punten lurrrr..... nepangkeu abdi Enang sukito, abdi asli Kisunda ti Garut wewengkon Kadungora. Di Lampung Kuring linggih di Desa Air Bakoman Kacamatan Pulau Panggung Kab. Tanggamus. Sadidinten abdimah ical galeuh hasil bumi, kayaning Kopi, cau, Pedes, Kayu manis, beas jst. Tampolana kuring sok nampi oge anu ngical motor atanapi gula kawung. Pokonamah naon waelah nu penting kaharti....rojerrr. Pun anak nembe 2 si cikal namina Eva (SMU) bungsu namina Angga (SD). Pami aya burayot atanapi ranginang, tahhh eta masingkeun sa baskom oge moal burung teu di hampleu.. sabab nya eta pisan atuda karesep teh..
ABAH JODI
Abdi mah asli urang KARAWANG. Ceuk kolot mah abdi teh seke seler SINGAPERBANGSA. ke ah, patali jeung katuangan mah ulah waka di bejakeun ayeuna. Sabab kuring mah sagala beuki. Heu heuy deudeuh..
Abdi asli urang bandung, ti CIBABAT caket rel kareta api. Waktos di ci Babat keneh sok manggung sareng Sule (SUTISNA). Karesep abdimah teu aya deui iwalti kulub hui di balur bandrek . Upami aya rinyuh omat ulah di kasasahakeun kuring pang resepna kana ratu rinyuh.
Nepangkeun yeuh urang Soreang asli. Abdi ayeuna dagang hordeng di Jl.kimaja Bandar Lampung... DEng HOR DEEEEEEENG........Bararade hordeng na bapa....Ibu.... . tiasa oge di lironan ku beusi urut ( rongsokan ) asal sa kontener....!!! he ..he...he... punten ah banyol .Karesep teuaya deui iwal ti pais peujit jeuung ulukutek leunca. upami katuangan asli bandung mah, nyaeta peuyeum .... aduhh tobaatt... abdi teh resep pisan.. komo Peuyempuan mah ... he...he..he

Nepangkeun yeuh abdi yeuh nu katelah Odong Surodong. Upami nami asli mah Asep Hilman. Abdi linggih di Linggapura Kacamatan Selagai Lingga Kab. Lampung Tengah. Karesep teh kana angeun kacang. Komo sapariuk mah,, Upami kawit abdi teh ti Cililin. daerahna mah sigana daerah Saguling. Omat upami ka Linggapura ulah teu sindang nya...
Adi mah atuh urang Pulau panggung.. Tanggamus ..tah. Abdi asli namah ti wetan (urang jawa) tapi abdi hobi baceo di frekuensi Paguyuban Pasundan ieu atuh mah... Maaf lamun urang hento bener atuh ngomong na nya.. Maklum lagi belajarann he..he..he..8 Maret 2009
DAFTAR RENGRENGAN AISPANGAMPIH
DAFTAR RENGRENGAN AISPANGAMPIH
Bah Kern............................................ Pinisepuh
Bah Jhody.......................................... Pinisepuh
Pa Gunawan ..................................... Pupuhu
Kang Eman ....................................... Wakil Juru tulis
6 Maret 2009
ALBUM KENANGAN DI BUMI TEH ATI
Wa E.Q/Kusdiana. 'Blekker' kahot nu linggih di Kampung TransAD Pocowati RK.A- Lampung Tengah, nuju "NGAJENGJEHE". Saurna mah bibit buitna urang Kebon Kawung - Kota Bandung......Urang dayeuuuhhh !!! ......yeuh !
Bah Utay (nganggo Kopeah), sareng Bah Amid /Laleur Bodas,manco paguleman catur (Pancakaki)...tos 36 taun paturay....sihoreng aranjeuna sa-alumni ti SR (Sakola Rakyat) Cililin - Bandung. Bah Amid seniorna Bah Utay, geseh 5 taun ceunah...
Adi-Lanceuk layeut pisan... Bah Jhody /Zulhendarsyah nu nganggo Kaos, linggihna di Kalapa 7 Kotabumi-Lampung Utara, ari karuhun-na mah ceunah urang Rajamandala-Bandung Barat. Ari Bah Kern/Abah Otam mah asli urang Buner-Cililin, kampung Beureum Bengeut caket Ranca Irung.
TRIO MAUNG (MAnusia bandUNG)-"bentang-na PPF.536",
(Bah Kern ti Cililin, Asev Checly ti Batujajar, Pa'Gun ti Kopo)Kab.Bandung.
Pupuhu nuju dipapag ku Pinisepuh PPF.536
Pupuhu Padepokan Silat Partisan Siliwangi (Abah Amid/acuk ganola),Pupuhu PPF.536 (Bpk.Gunawan/nganggo bendo).sareng Pupuhu PAJAR (Bpk.Prof.Dr.Ir.Hi.Bustami Rosadi,Ms/kaos hideung) nuju ngupingkeun "Kidung Bubuka"

lokasi: Cimarias !!!! tah.
kumaha cimarias erek monitor 24 jam??? Atuda,tihang listrik na oge pagawean sapintrong !!??? Rodeurrrrr !!!!!!!
TEPUNG LAWUNG PAGUYUBAN ANU KA DUA
3 Maret 2009
ALBUM KENANGAN WAKTOS ACARA DI BUMI BAH OSA

Kang Unang (korwil Kab.Tanggamus) linggihna di air bakoman kacamatan pulau panggung,anu gandang tur pertentang nuju ngenalkeun ka rencang paguyuban.

Kang Sulam (Korcam Gunung Sugih Lampung Tengah) nuju babacaan semu tungkul menekung mujasmedi, sangkan acara harita tiasa lungsur-langsar teu kirang sawios-wios (asa rada teu percaya...??)
Rengrengan ais pangampih Paguyuban Pasundan frekuensi 536 Propinsi Lampung anu nembe diistrenan (saha anu pangkasepna ??) ...Anu nganggo laken nya ??
(ceuk beja anjeuna mah pang dohotna kanadaging puyuh teh, komo Puyuh Gonggong mah)

















