1.Pa' Gunawan (pupuhu)


ieu potret pa Gun nuju di istrenan jatuk rami. Heuheuy.... KABITA.....gentos...

Punten..ah...kanu rada kirang kasep (urang cimarias) ulah sirik, dumeh ninggal ieu potret pa Gun mangsa kiwari...
Tah kumaha yeuh... aktipitas atanapi padamelan anjeunna (pa'Gun ) sadidinten teh ??? mangga antos bae pedalan blog nu bade dongkap... omat yeuh !!Baris medal potret-potret sadaya inohong Pasundan536. Malihmah Saur Bah Osa (wakil Pupuhu), anjeun na mah hoyong dipotret teh sareng "SI HOKCAY"cenah !!! tah ...saha si hokcay teh ??? magga antoss RODeurrrr
LALEUR BODAS
Haturan.. Nepangkeun pribados wasta Amid Harsana Sudiman.Linggih di Poncowati Lampung Tengah, pribados teh asli Kisunda ti Desa Jati Kacamatan Batujajar Kabupaten Bandung Barat (KBB), sadidinten nyo'o pun incu sareng nini na he..he..he.. Ari anu matak tibelat pribados mah ukur kana beuleum Peda beurem sareng Lelebu Wijen. Saur pun buyut Aki Madasan, pribados teh ngarereh ka Eyang Salbi (Panenjoan KBB). Nyukcruk galur ti karuhun temahna kana wewengkon sarakan pribados anu ngered ka daerah Rajamandala - wates Bandung Cianjur-, pribados rupinamah kareh kabanasapon ka rahayat Dalem Cikundul -Cianjur yaeta rahayatna Pangersa Raden Aria Wangsa Wiratanudatar - raja Karajaan Gagang/Cianjur. di PPF536 pribados janten Penasehat 1.ABAH DIRUT
Punten nepangkeun pribados wasta Didi Sutisna. Ari kawitmah abdi teh ti Tanjung siang Kab.Subang. Cobek belut sareng pais peujit pangresep na teh. Sadidinten nunguan eta we anu bade aya kaperyogian sanes kanten balanjaan (sembako). dupi padumukan teh di Labuan dalam Tanjung senang Bandar Lampung. Pami nyukruk galur ti karuhun pribados rerehan Sumedang Larang. Mangga we tinggal ieu pameunteun (face), pas pisan sigana mun di sajajarkeu jeung tereuh Sumedang Larang ( Bibit buit) Tajimalela. Dina rengrengan pangurus PPF 536 pribados janten Penasehat 2.KANG ASEP CEKLY TARAKASIMA

Sampurasunnnnn................. Nepangkeun abdi yeuh nami asli Gunawan Sejati. Abdimah asli diheujeunkeun ku punbiang teh di desa Cipeundeuy kacamatan Kalijati Kab.Subang.Ti aalit sok di Asep-Asep, pedah kasep meureun( da..jeung saenyana atuh ). Ari bibit buit ti pun bapamah asli ti desa Jati kacamatan Batujajar KBB. Kasedep teu teu aya deui iwalti pais lele sareng pais impun, komo kana pais bibit mah, kitu kitu kana pais supa su'ung atawa supa lember weh abdi teh resep pisan, komo barijeung disurawungan mah ...aduhhhh amuing-amuing.....tobat!!!! Saur pun biang pribados teh rerehan Bapak Minterja (mensos Orla), da pun biangmah asli karuhunna ti Baros - Cimahi. Sadidinten abdi mah pepelakan sayuran, sareng ngadamelan sanes kanten tulisan (skrip/skenario) kangge engke pami diparengkeun gaduh modal, abdi teh hoyong ngadamel sinetron atanapi Film anu judul na "Sikabayan saba dunya". Pribados linggih di Poncowati Lampung Tengah, di PPF 536 pribados dipercantten jantun wakil juru tulis (ulis).
KANG DODO

Punten ah baraya.......Abdi wasta Hidayat Zarkasih... abdimah asli ti Sukabumi. Upami aya Kanjut embe atanapi Kanjut domba, omat ulah dikasasahakeun !!! keun, etamah bagian Abdi. Da eta atuh kabeuki teh abdi mah mung kana Kanjut Domba. Saur Pupuhu paguyuban (Kang Gunawan) ceunah eta teh obat kuat. Naha enya ?!! Tapi kuring percaya 1000 % sabab salila ngukut Embe, Bah Osa asa beuki maceuh ......Padumukan di Perum Korpri Bandar lampung pribados teh, atuh di Kalianda (Lamsel) abdi gaduh wawarungan (ceuk baturmah Supermarket- cenah). Di PPF 536 pribados dipercanten janten Juru Bayar alias bendahara.
USUV VANHOTTEN
Punten yeuh dulurr...Abdi mah Kisunda asli, Van hotten soteh eta mah nami di jumantara ngarah beda tinu lian he..he...he. Upami nami aslinamah Supardi Yapan. Karesep teh kulub tutut gening. Linggih di Natar Kab.Pesawaran.
KANG CANDRA
Punten Barayaaaa.....nepangkeun yeuh Abdi Ujang Aleks, Linggih di Cimarias Kacamatan Bangun Rejo Kab.Lampung Tengah. Upami tuang nu di inceur teh sangu pulen. Keun wae rencangna ngan ukur goreng uyah oge, asal dipurulukan ku endog atawa siksik ati. Upami sayur, ceuk kuring mah eweh deui nu pang peedna iwalti sayur iwung ( orok awi). Pakasaban kuring sadidinten nutu di heleran. ari karuhun mah cenah ceuk ema kuring teh ti cianjur. di PPF 536 kuring janten kordinator Lampung Tengah.
KANG UNANG

Punten lurrrr..... nepangkeu abdi Enang sukito, abdi asli Kisunda ti Garut wewengkon Kadungora. Di Lampung Kuring linggih di Desa Air Bakoman Kacamatan Pulau Panggung Kab. Tanggamus. Sadidinten abdimah ical galeuh hasil bumi, kayaning Kopi, cau, Pedes, Kayu manis, beas jst. Tampolana kuring sok nampi oge anu ngical motor atanapi gula kawung. Pokonamah naon waelah nu penting kaharti....rojerrr. Pun anak nembe 2 si cikal namina Eva (SMU) bungsu namina Angga (SD). Pami aya burayot atanapi ranginang, tahhh eta masingkeun sa baskom oge moal burung teu di hampleu.. sabab nya eta pisan atuda karesep teh..
ABAH JODI
Abdi mah asli urang KARAWANG. Ceuk kolot mah abdi teh seke seler SINGAPERBANGSA. ke ah, patali jeung katuangan mah ulah waka di bejakeun ayeuna. Sabab kuring mah sagala beuki. Heu heuy deudeuh..
Abdi asli urang bandung, ti CIBABAT caket rel kareta api. Waktos di ci Babat keneh sok manggung sareng Sule (SUTISNA). Karesep abdimah teu aya deui iwalti kulub hui di balur bandrek . Upami aya rinyuh omat ulah di kasasahakeun kuring pang resepna kana ratu rinyuh.
Nepangkeun yeuh urang Soreang asli. Abdi ayeuna dagang hordeng di Jl.kimaja Bandar Lampung... DEng HOR DEEEEEEENG........Bararade hordeng na bapa....Ibu.... . tiasa oge di lironan ku beusi urut ( rongsokan ) asal sa kontener....!!! he ..he...he... punten ah banyol .Karesep teuaya deui iwal ti pais peujit jeuung ulukutek leunca. upami katuangan asli bandung mah, nyaeta peuyeum .... aduhh tobaatt... abdi teh resep pisan.. komo Peuyempuan mah ... he...he..he

Nepangkeun yeuh abdi yeuh nu katelah Odong Surodong. Upami nami asli mah Asep Hilman. Abdi linggih di Linggapura Kacamatan Selagai Lingga Kab. Lampung Tengah. Karesep teh kana angeun kacang. Komo sapariuk mah,, Upami kawit abdi teh ti Cililin. daerahna mah sigana daerah Saguling. Omat upami ka Linggapura ulah teu sindang nya...
Adi mah atuh urang Pulau panggung.. Tanggamus ..tah. Abdi asli namah ti wetan (urang jawa) tapi abdi hobi baceo di frekuensi Paguyuban Pasundan ieu atuh mah... Maaf lamun urang hento bener atuh ngomong na nya.. Maklum lagi belajarann he..he..he..










