Lahir di Bandung,28 Oktober 1960.Ayeuna pribados cepeng damel di Polda Lampung. Karesep teh ngobrol di radio 2 M.BAND. kumargi seueur urang sunda anu nganggo pesawat 2 meteran,tur supados langkung raket,antukna pribados saparakanca ngadegkeun PPF.215 Prov.Lampung. Nanging nyakitu,...hapunten anu kasuhun nuning galih nu dipamrih, pribados saparakanca gaduh tarekah/pamolah kieu teh sanes agul kupayung butut/asa aing uyah kidul, paralun teuing teu pisan-pisan. Kukituna sakali deui hapunten bilih naon rupi nu diserat dina blog ieu kirang tata kirang titi dodoga peryoga cologog,hapunten pisan, bilih aya anu teu sapagodos sareng mamanahan kadang warga (blogger) sadaya. Maklum da geuning ciri sabumi cara sadesa jawadah tutung biritna sacarana-sacarana. Pamungkas,mugi ieu blog teh sing mangpaat geusan jajap pangwanoh simkuring sa parakanca nu aya di pangumbaraan nu tetep satia satuhu kana aji ciri Kisunda, moal ngijing sila bengkok sinembah kana ajaran, atikan, basa tur budaya sunda.Cag...