Mitra sadaya......................
Dinten Minggu ping 1 Maret 2009 di bumi teh Ati anu linggih di kampung sinar Jaya Desa Negara Aji Tua Kacamatan Anak Tuha, PPF.536 parantos ngalaksanakeun tepung lawung anu kadua. Sajabi di dongkapan ku sadaya anggota, acara waktos harita oge di deudeul ku inohong-inohong PAJAR diantawisna pangersa Bpk.Prof.Dr.Ir.Bustami Rosadi,Ms, Bpk.Rahman,Bpk.Ucup, oge wargi enggal ti tanggamus nyaeta Om Boy, oge teu hilap sobat dalit kang Dodo anu namina Kang Ujang. Acara lumangsung lungsur-langsar di mitembian ku tuang balakecrakan nyocolan sambel ku leledumbo, teu hilap lalab oge ngeleudak. Saparantosna tuang , tamu sumping sadaya di suguhan hiburan kacapi rebab anu di pintonkeun ku grup degung "OLOKKEJO" pingpinan Asev Chekly, hanjakal ibu sindenna aya pamengan janten jurukawihna teh sakaparan-paran we nu aya harita di dinya. Tapi sok sanaos kitu acara teh kengeng disebatkeun sukses. Margi tujuan utami namah pan silaturahmi ngaraketkeun tali mimitran antawis urang jeung urang khususna anggota PPF.536.
<
Bumi Teh Ati
Mitra sadaya......................

breker kahot !!! saha cobi ???
|
|
breker kahot !!! saha cobi ???
|
|